Pelatih PERSIB, Dejan Antonic merdih pamaenna sangkan tampil sabar jeung maen pinter dina nyanghareupan Sriwijaya FC dina laga munggaran TSC 2016 di stadion Si Jalak Harupat, Kab. Bandung, Saptu ( 30/04/2016) peuting.
Sriwijaya mangrupakeuntim anu kuat kalayan materi pamaen anu harade. Dina laga munggaran engke, nurutkeun Dejan heunteu ukur PERSIB, lawan oge ngudag poin pinuh munggaran. Komodeui, salila opat kalang saacanna. Laskar Wong Kito meunang hasil anu teu nyugeumakeun. Lain teu mungkin laga engke jadi ajang baleus deundam.
Ka persib.co.id Dejan nandeskeun."Isuk urang (PERSIB) aya hiji pertandingan anu rohaka katut beurat sabab lawan urang tim anu cukup hade. Urang kudu pinter jeung sabar, urang kudu meunang isuk." ceuk Dejan nalika panggih jeung media di Graha PERSIB Jumaah ( 29/4/2016).
Nyanghareupan laga eta, pelatih asal Serbia ieu nyaritakeun, anak asuhna geus siap tampil. Ngan sababaraha pamaen anu cigahna bakal absen, saperti Rachmad Hidayat jeung Zulham Zamrun. Sok sanajan kitu, pamaen anu lain dipastikeun bakal tampil maksimal keur ngudag kameunangan.
"Tim geus mimiti hade, tapi masih jauh tina lengkah anu dipikahayang, saeutik-saeutik urang bisa jadi leuwih hade. Isuk, urang kudu disiplinjeung teuteup pokus ambeh bisa meunang." Ceuk Dejan ka persib.co.id
No comments:
Post a Comment