Wednesday, 27 April 2016

Ngajaran





Da ngaran na ge nyobaan alias ngajaran. Maksudna nyaeta ngajaran mosting deui konten blog. Tapi, kuring boga ide kumaha cara na ameh postingan teh hayang make basa Sunda. Da uing mah urang sunda, bapa ti sunda indung ti sunda. Dulur oge urang sunda wungkul. Enya eta oge Alhamdulillah ari baraya mah. Ti mana-mana ge aya.

Ngahaja ngajaran mosting teh make poto budak leutik. Sajaba ti hayang apal kumaha ke tampilanna, sakalian ameh pada aapal yen uing geus boga anak, geus jadi bapa ayeuna mah uing teh.

Budak teh umurna geus dek beak bulan ka lima. Isuk pisan tanggal 28 nincakna kana umur 6 bulan. Awewe budak teh, pigeuliseun budak teh kawasna mah. Enya da kumaha atuh, teu bisa di leuleungit ari turunan mah. Indung geulis, saheunteuna ceuk uing. Bapana kasep, pasti ari ceuk uing mah. Komo deui ceuk indung budak mah. Geus baceo budak teh, geus bisa bapa-bapaan. Basa mimiti bisa ngomong bapa mah, indungna ge rada jamotrot. Pedah budak mimiti bisa nyeubut bapa lain mamah. Bapa we jeung mamah mernahkeun sebutan budak teh. Moal ayah bunda, asa teu paruguh di ayah-ayah teh. Balik deui da uing mah urang sunda. Memang mun deuk ge sebutan teh abah jeung ambu. Tapi asa kurang pas, dina jaman kiwari mah. Bapa jeung mamah ge, geus kurang populer.

Sakitu we heula ah, da ngaranna ge ngajaran. Lain serius..

Caaaagggg.....

No comments:

Post a Comment