Saturday, 30 April 2016

PERSIB KEUKEUH HAYANG MEUNANG TILU POIN



Meunangna PERSIB ti Laskar Wong Kito tangtu dipiharep pisan. Salain ngajadi target utama, sabeutan tilu angka munggaran ieu ngajadi modal keur ngulang memori manis nalika jadi juara.

BANDUNG-

Juan Carlos Balencoso matok kameunangan dina laga munggaran Indonesia Soccer Championship ( ISC) 2016 ngalawan Sriwijaya FC di Stadion Si Jalak Harupat, Saptu (30/04/2016) peuting. Ceuk manehna, tilu poin di awal turnamen penting pisan pikeun neuruskeun laga saterusna.

"Kuring nyaho aya sababaraha pamaen anu pernah jeung PERSIB ayeuna di Sriwijaya. Tapi kuring optimistis pamaen anu aya total mikeun anu hade pisan keur Persib pikeun nyabeut kameunangan." tandeus Juan Carlos Balencoso saperti anu dikutip situs resmi Persib, Saptu (30/04/2016).

Ditambahkeun pamaen kalayan paspor Spanyol, sanajan Sriwijaya FC tim alus anu mibanda ngaran di Indonesia. Tapi Maung Bandung oge boga kualitas anu teu eleh ciamix jeung mibanda ngaran hade salaku tim juara.

"Sriwijaya teh tim anu alus, kuring apal kitu waktu ngelehkeun maranehna bulan kamari. Tapi Persib oge hade jeung bisa ngameunangkeun sakabeh laga kaasup poe ieu." pungkas Balencoso.

Meunangna Persib ti Laskar Wong Kito tangtu dipihareup pisan. Salain jadi target utama, sabeutan tilu angka munggaran ieu ngajadi modal keur ngulang memori manis nalika jadi juara.

Hareupan eta saeutik kabuka keur dibuktikeun. Sabab, SFC anu mibanda rea bentang, mampuh dielehkeun tim asuhan Dejan Antonic 2-0 di Bandung dina ajang Piala Bhayangkara 2016 kamari. Dua gol waktu harita dicitak dua penyerang anyar Samsul Arief jeung Juan Bfalencoso.

( ob_plast)

Wednesday, 27 April 2016

ATEP KATUT RENGRENGAN DIPERDIH MAEN SABAR




Pelatih PERSIB, Dejan Antonic merdih pamaenna sangkan tampil sabar jeung maen pinter dina nyanghareupan Sriwijaya FC dina laga munggaran TSC 2016 di stadion Si Jalak Harupat, Kab. Bandung, Saptu ( 30/04/2016) peuting.

Sriwijaya mangrupakeuntim anu kuat kalayan materi pamaen anu harade. Dina laga munggaran engke, nurutkeun Dejan heunteu ukur PERSIB, lawan oge ngudag poin pinuh munggaran. Komodeui, salila opat kalang saacanna. Laskar Wong Kito meunang hasil anu teu nyugeumakeun. Lain teu mungkin laga engke jadi ajang baleus deundam.

Ka persib.co.id Dejan nandeskeun."Isuk urang (PERSIB) aya hiji pertandingan anu rohaka katut beurat sabab lawan urang tim anu cukup hade. Urang kudu pinter jeung sabar, urang kudu meunang isuk." ceuk Dejan nalika panggih jeung media di Graha PERSIB Jumaah ( 29/4/2016).

Nyanghareupan laga eta, pelatih asal Serbia ieu nyaritakeun, anak asuhna geus siap tampil. Ngan sababaraha pamaen anu cigahna bakal absen, saperti Rachmad Hidayat jeung Zulham Zamrun. Sok sanajan kitu, pamaen anu lain dipastikeun bakal tampil maksimal keur ngudag kameunangan.

"Tim geus mimiti hade, tapi masih jauh tina lengkah anu dipikahayang, saeutik-saeutik urang bisa jadi leuwih hade. Isuk, urang kudu disiplinjeung teuteup pokus ambeh bisa meunang." Ceuk Dejan ka persib.co.id



Ngajaran





Da ngaran na ge nyobaan alias ngajaran. Maksudna nyaeta ngajaran mosting deui konten blog. Tapi, kuring boga ide kumaha cara na ameh postingan teh hayang make basa Sunda. Da uing mah urang sunda, bapa ti sunda indung ti sunda. Dulur oge urang sunda wungkul. Enya eta oge Alhamdulillah ari baraya mah. Ti mana-mana ge aya.

Ngahaja ngajaran mosting teh make poto budak leutik. Sajaba ti hayang apal kumaha ke tampilanna, sakalian ameh pada aapal yen uing geus boga anak, geus jadi bapa ayeuna mah uing teh.

Budak teh umurna geus dek beak bulan ka lima. Isuk pisan tanggal 28 nincakna kana umur 6 bulan. Awewe budak teh, pigeuliseun budak teh kawasna mah. Enya da kumaha atuh, teu bisa di leuleungit ari turunan mah. Indung geulis, saheunteuna ceuk uing. Bapana kasep, pasti ari ceuk uing mah. Komo deui ceuk indung budak mah. Geus baceo budak teh, geus bisa bapa-bapaan. Basa mimiti bisa ngomong bapa mah, indungna ge rada jamotrot. Pedah budak mimiti bisa nyeubut bapa lain mamah. Bapa we jeung mamah mernahkeun sebutan budak teh. Moal ayah bunda, asa teu paruguh di ayah-ayah teh. Balik deui da uing mah urang sunda. Memang mun deuk ge sebutan teh abah jeung ambu. Tapi asa kurang pas, dina jaman kiwari mah. Bapa jeung mamah ge, geus kurang populer.

Sakitu we heula ah, da ngaranna ge ngajaran. Lain serius..

Caaaagggg.....